Assalamualaikum Wr. Wb.
Di dieu abdi bade ngajelaskeun tentang katuangan khas Sunda biasana dituang jadi camilan. Abdi ngadamel ieu pedaran téh pikeun naékeun darajat ieu hiji katuangan téh sareng dina tampilan atawa omzét penjualan bisa rada naék.
Abdi téh badé ngajelaskeun katuangan aci jeung cau ato sok dikenal ngaranna CIU, lamun dina bahasa Indonesia mah tepung tapioka dan pisang. Rasana teh amis terus pasti aya rasa cau na, pas pisan dituang jadi camilan burit - burit, diopi sambil ngaleueut bajigur,kopi, jeung ci entéh haneut, mmm... jadi ngeces euyy..
Source:youtube.com
CIU teh biasana dijual ku tukang bajigur bareng jeung suuk kulub, hui boléd kulub, katimus, jeung sajabana. Ieu katuangan téh bahan dasar na nyaéta cau jeung aci, saluyu jeung namina. Biasana disajikeun burit - burit, CIU téh kaasup kana kuéh baseuh, dibungkus ngangge daun cau, lamun badé ngajieun na gé simpel, jiga cara dihandap ieu.
Mimiti, hidep kedah nyiapkeun bahan - bahan na nyaeta:
1. Cau uli/pisang tanduk/pisang nangka
2. Aci / tapioka 250gram
3. Kalapa parut 250gram
4. Gula bodas 100 - 150gram
(sakahoyong weh ieu mah amis na bade sakumaha tur atur luurr..)
5. cai haneut 2 sendok sayur (sacukupna)
6. uyah 1 1/2sdt
7. Tipung tarigu 3sdm(teu ngangge oge teu sawios)
8. Daun cau
Lamun sadaya bahan tos ka kumpul, ayena abdi bade ngajelaskeun cara nyieunna:
1. Mimiti, keureutan cau na, teras lembutkeun bari dicampur sareng gula pasir, uyah, kalapa
parut, tarigu, jeung aci na tong hilap, aduk rata.
2. Tambahan cai saperluna, atur rasa amis na, mun dirasa tos cekap, kari dibungkus ku daun cau.
3. Seupan 30 mnt, tiiskeun, tos weh kari disajikeun.
Tah eta weh cara nyieun CIU di bumi simpel jeung sehat. Semoga ieu blog bisa berguna ka sadaya nu maca, kirana sakitu weh nu kapihaturnya lur, hatur nuhun atas kasempetanna, moga-moga nu maca ieu blog nepi akhir, sagala - gala urusanna dilancarkeun aamiin....!
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
All source : google.com








Tidak ada komentar:
Posting Komentar